Ku: QBuhun
Rada hoream rek indit teh, beda ti sasari. Biasana oge lamun rek indit ka Bandung, penataran, tara ieuh talangke, rek indit jeung saha bae oge, atawa nyorangan, pokona mun geus waktuna, sok tara hese, jengkar ku maneh. Na atuh ari mangkukna, hoream teh kacida teuing. Duka pedah lain rek penataran ieu mah, symposium cenah!
Atuda rek teu talangke kumaha, apanan meunang beja kudu ka Bandung teh pi dua poe-eun ka indit, bari cenah kudu mawa makalah nu rek di pedar di ditu. Nu eta makalah teh nurutkeun kana buku pituduhna ( nu karek katarima bareng jeung beja kudu indit tea) kudu mangrupa kajian pangajaran nu geus dipraktekkeun saeutikna salila sa semester, bari kudu dilengkepan ku data anu akurat tur otentik tea.
Ceuk kuring , aeh pikeun diri kuring, ketang , nyieun makalah sarupa kitu, pamohalan bisa kajieun da mikabutuh waktu nu rada panjang pikeun ngararancangna. ( ka teuing ketang da ari nu lian mah barisaan nyieun makalah ditoron sapoe sapeuting oge, duka makalah siga kumaha teu ararapal teuing ! Rumasa diri mah rada belet ongkohan nyieun nu kararitu teh, teuing idealis sok hayang nyieun nu rada sampurna. Duka.. mana nu bener ! )
Poe Munggu isuk , tabuh dalapan cenah kudu ngumpul di sakola ngarah indit bisa bareng kana mobil pa Uha.
Geus tabuh sapuluh kuring masih keneh di imah. Teu indit ka sakola, da puguh ti kamari keneh oge geus bebeja ka babaturan teh kuring mah moal indit. Kateu teu ari indit oge teu babawaan. Rek ngadon naon di ditu? Teu mawa makalah ! Palang siar di sina balik deui. Eleh samemeh prung ! Ongkohan ongkos keur indit nu biasana sok di bikeun ti samemehna, ayeuna mah can ka cekel. Piraku ari kudu ngongkos ti saku sorangan? Teu pati haranay teuing! Sakieu keur tanggal tua teh ! Ah. Pokona mah anggap be teu boga beban rek teu indit oge! Ongkos teu di bere ( atawa can di bikeun kituh?!) Surat tugas teu kacekel ! Hanas kamari mani ngeukeuhan kudu indit ! Sabodo teuing da, ngan ukur ku lisan ! Siga lain tugas dines bae ! Sok ngagagampang ari taeun teh !
Nincak tabuh sabelas kurunyung teh nu nyusulan. Di antos di sakolah cenah. Nu sanes tos karempel kantun bapa bae. Pokna.
“ Bejakeun Dan, Bapa mah moal mangkat kituh !” tembal teh kanu nyusulan. Teu loba omong deui Si Dadan- pengaja sakola tea- leos indit rurusuhan. Kuring ngehngel seuri koneng nempokeun Si Dadan mengpeos. Sanggeus teu katempo deui mah blus kuring asup ka imah, bari mawa hate rada mandeg mayong ; indit kitu ?! Ah..
Sabot ngahuleng, kring telpon di sada . Geus boga rasa. Pastina oge ti sakola.
“Pa Eman, buru di tunggu di sakola !” Ceuk sora ti beulah ditu.
“ Ah. Moal Pa Uha, hoream. Teu siap yeuh sayah mah !” tembal teh.
Ti beulah ditu Pa Uha nyoroscos nyarios, ngangajak, nyawayahna- wayahna, ngeukeuhan kuring kudu indit. Di tunggu disakola ayeuna pisan cenah.Teu meunang hanteu.
“ Moal, tembal teh, kajaba... lamun disampeur , nya... hayu ! Tembal teh rada ngaheureuyan !
“Baku ilaing mah sok olo – olo teh !” Sora ti beulah ditu semu keuheul. Kuring ukur ngehngel !
Teu pati lila sora klakson ngageroan ti jalan . Ka tempo tina jandela Pa Endang mukakeun panto mobil ,nyampeurkeun ka imah. Acan ge tepi kana golodog kaburu kuring nyampeurkeun. Amitan ka pamajikan rurusuhan, tas pakean nu ti tadi geus disiapkeu ku indung budak ngancang di jewang . “Mah bapa mios heula muga lungsur langsar !” Pok teh bari jlig rurusuhan.
***
Satengah tujuh karek nepi ka BMI teh, Minggu tea sok macet di jalan ka Lembang mah, kitu ge bari rada ngatog.Teu apal jalan . Malum geus poek deuih ! Peserta Simposium nu ti mana- mana geus daratang. Rombongan kuring telat ! Nurutkeun kana jadwal mah tabuh opat tadi pembukaanana. Sanggeus daftar ka panitia, bari loba tatanya ( tamaha nu teu ‘barang bawa’) narima alat tulis, jeung merenahkeun kamer keur mondok ,kuring jeung rombongan milu pagaliwota ngantri dahar; makan malam’.
Rada reureug ayeuna mah sanggeus meunang penjelasan ti panitia tadi ; cenah nu teu mawa makalah moal di pulangkeun; hawatos tebih - tebih ti lembur kudu di usir, mangga bae ngiringan etang etang nambihan luang, ngan poma ulah miharep janten juara ,ari teu nyandak makalah mah !
Ba’da isya acara dikawitan deui.cek dina jadwal teh aya “Keynote Speaker” cenah. Kateuing acara nanahaon ta teh, rada teu ararapal teuing ! Pokona mah kuring ngahadiran jadi pendengar setia niat indit ti imah oge.
Panitia paciweuh di hareup nyiapkeun layar jeung laptop keur alat bantu meureun. Teu pati lila ngong juru duum muka acara, ngenalkeun nu calik di payuneun para peserta, dituluykeun kana mere kasempetan nu saluas – luas na pikeun Mr. Joshua ti Singapur nerangkeun naon nu aya dina eusi uteukna. Cenah cek manehna di Singapur mah pendidikan teh geus leuwih maju batan ti di Indonesia. Malah geus aya nu make sistem internet sagala rupa, nu kasebut program e- learning tea ( seneh e.. leneng, ieu mah ). Tanggung jawab pamarentah jeung lembaga sosial pikeun dunia pendidikan teh geus leuwih onjoy ti batan di Indonesia. Kitu ceuk manehna bari nembongkeun sababaraha contoh tampilan dina layar laptopna. Jeung loba deui loba deui nu di terangkeun ku manehna. Nu antukna mah manehna umajak ka para guru peserta simposium tea sangkan ninggkatkeun daya inovasi jeung kreasina pikeun dunia pendidikan ku cara nyoba make sistin e-learning nu ditawarkeun ku manehna. Guru di Indonesia kudu leuwih maju batan di Singapur, sabab potensi nagarana leuwih onjoy ti batan Singapur. Jeung loba deui ,, teu pati kabandungan da ieu sirah geus rada leneng hayang istirahat.
Beres Mr. Joshua ngaberendelkeun ka onjoyan pendidikan di nagarana ( bari satengah promosi), dituluykeun ku panitia ngabagi pitempateun tiap – atiap kelompok guru nu rek simposium tea.
Jam sapuluh peuting acara pembukaan poe ka hiji lekasan. Kuring jeung babaturan muru kamer pamondokan di lantey tilu. Nepi ka panto kamer, muka konci, ucul – ucul pakean, ganti ku trening, goledag na kasur beulah sisi tembok, ngarah teu pati kaganggu ku batur. Ma’lum sakamer teh ku genep urang. Kasur ngajajar, ngabaris, siga jajar pindang!
Awak lungse. Cape urut diperjalanan. Ngagoledag na kasur empuk. Karasa hawa Lembang tiris nyelesep sa tulang sandi. Leng... pikiran jauh ngalayang, ngacacang, mapay – mapay kota Bandung. Leng... leng.. kuring teu inget di bumi alam. Pindah ka alam pangimpian....
(HANCA)
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar